Minggu, 26 Desember 2010

Program KB Kudu Terus Dihangkeutkeun


-Dok Tesaf
Gubernur Jabar Ahmad Heryawan
katut Ibu Ketua TPPKK Jabar Hj. Netty Prasetiyani SS, M.Si.
dina acara halal bihalal di Kantor BKKBN Jabar.
MEH unggal taun isu strategis ngeunaan kapendudukan di Jawa Barat moal leupas tina nu ngaranna jumlah penduduk nu sacara kuantitas loba, LPP kawilang luhur, TFR luhur jeung usia kawin munggaran awewe nu kawilang ngora keneh antara umur 18 taunan.
     KB teh mangrupa parobahan cara pandang ngeunaan kahirupan. Nya ieu pisan nu kawilang hese dina ngembangkeun program Keluarga Berencana teh, sakumaha nu ditepikeun ku Ketua IPKB Jabar Soeroso Dasar. Lain panglayan atawa nu lainna, nu kawilang strategis nya KIE, pokna. Puluhan taun program KB aya, tapi ngarobah cara pandang ngeunaan kahirupan kulawarga leutik nu sejahtera, hasilna masih tacan nyugemakeun. Hasil henteuna program KB, nurutkeun anjeunna koncina nyaeta kumaha ngarobah cara pandang ngeunaan KB ieu. Kumaha KB bisa jadi kareueus, mibanda norma, nilai, ruh jeung mangrupa kabutuh urang, lain mangrupa paksaan.
     Kukituna program KB hususna di Jabar kudu terus dihangkeutkeun, sakumaha nu ditepikeun ku Kabid KS-PK Jabar, Drs. S. Teguh Santoso dina acara halal bihalal BKKBN Jabar nu lumangsung sawatara waktu kaliwat di pakarangan Kantor Kanwil BKKBN Jabar. Sabab, salila kurang leuwih 40 taunan program KB di Indonesia tetela geus hasil nyegah 100 juta kalahiran penduduk, mun diitung dikana rupiahkeun moal kurang ti 128 triliun rupia nu geus bisa dihemat tina suksesna program KB ieu teh, pokna.
     Acara Halal Bihalal ieu lian ti diluuhan ku para pinisepuh jeung jajaran pimpinan jeung staf BKKBN Kab/Kota Sa Jabar boh nu geus pangsiun boh nu masih aktif, oge diluuhan ku Gubernur Jabar Ahmad Heryawan katut Ketua TPPKK Jabar Ibu Hj. Netty Prasetiyani SS, M.Si.. Lian ti acarana mangrupa acara silaturahmi, halal bihalal ieu ge dieusi ku acara hiburan nyaeta lomba antar bidang dina nepikeun program KB ngaliwatan seni lagu nu dipiluan ku 9 bidang nu aya di lingkungan BKKBN Jabar. Nu kabiruyungan jadi juarana nyaeta ti Bidang IKAP jeung juara kaduana ti Bidang KS.
     “Mudah-mudahan ieu acara bisa jadi sarana silaturahmi pikeun karyawan dilingkungan BKKBN sarta bisa jadi motivasi pikeun terus ngahangkeutkeun program KB hususna di Jabar umumna di Indonesia dina ngawujudkeun kulawarga leutik sajahtera sakumaha nu dipiharep,” ceuk S. Teguh Santoso.*
Tesaf

Tidak ada komentar:

Posting Komentar