Selasa, 04 Januari 2011

Bedana Harta jeung Elmu

HIJI waktos Kangjeng Nabi Muhammad Saw kantos sasauran, "Kuring bisa diibaratkeun kota elmu, sedeng Ali lawang pantona." Eta kasauran ti Kangjeng Nabi Saw teh nimbulkeun hasud jeung dengki ti golongan Khawarij, nyaeta golongan nu misahkeun ti paham Sayidina Ali ra.
     Maranehna ngarasa ham ham kana kaarifan Sayidina Ali ra.  Nya ngumpulkeun sawatara kokolot ti antara maranehna, geusan nguji, naha enya Ali teh arif jeung wijaksana? Sababaraha masalah ditanyakeun ka Sayidina Ali ra. Salasauang di antarana harita nanya kieu, "He Ali, utama mana elmu jeung harta?"
     Diwaler ku Sayidina Ali ra., "Elmu leuwih utama batan harta."
     "Naon dasarna anjeun ngajawab kitu?" pokna deui.
     "Elmu teh pusaka para Nabi, sedeng harta mah pusakana Karun, Sadad, Fir'aun jeung nu sejenna," walerna deui.
     Satuluyna nu ditanyakeun ku nu kadua ge sarua kawas nu mimiti. Atuh waleren Sayidina Ali ra ge angger nu tadi keneh. "Elmu leuwih utama batan harta."
     "Naon dasar anjeun?" tanyana deui.
     "Elmu bakal ngajaga diri anjeun, ari harta mah sabalikna nya anjeun nu kudu ngajagana."
     Basa jalma nu katilu nanya, teu beda ieu ge diwaler ku Sayidina Ali ra teh teu beda ti ka nu kahiji jeung kadua ngan alesanana nu beda teh, "Harta mah mun ku anjeun ditasarruf-keun (dibikeun) bakal ngurangan, sedeng ari elmu mah anggur bakal nambahan."
     Waleran Sayidina Ali ra ngeunaan kautamaan elmu batan harta ka nu nanya kaopat beda deui, "Nu boga harta sok disebut bahil jeung 'goreng', tapi nu miboga elmu sok disebut 'kaagungan' jeung 'kamulyaan'."
     Kumaha waleran Sayidina Ali ra ka nu nanya kalima? "Nu miboga harta musuhna loba, ari miboga elmu mah sabalikna, nu loba teh babaturanana."
     Ka jalma kagenep ti kokolot golongan Khawarij teh, Sayidina Ali ngawaler kieu, "Elmu leuwih utama batan harta lantaran harta kudu dijaga sedeng elmu mah teu kudu dijaga."
     Kaarifan Sayidina Ali ra nu disebut lawang pantona elmu teh katangen oge tina waleranana ka jalma katujuh, "Elmu leuwih utama batan harta lantaran di aherat engke, nu miboga harta mah bakal dihisab sedeng jalma  nu miboga elmu bakal meunang syafa'at."
     Ditanya ngeunaan naon dasarna ngawaler elmu leuwih utama batan harta ku nu nanya kadalapan, Sayidina Ali ra ngawaler kieu, "Harta bakal ancur ku lilana jaman, tapi elmu mah moal rusak, moal musnah sanajan sakumaha lilana oge."
     Beda deui waleran ka jalma kasalapan mah, "Harta bakal ngajadikeun hate hiji jalma jadi teuas, sedeng elmu malah bakal ngajadikeun hate eta jalma teh cahayaan.'
     Kokolot nu kasapuluh ge sarua ukur jawabanana nu beda teh. Waleran Sayidina Ali ra. "Elmu leuwih utama batan harta."
     "Dasarna?"
     "Nu miboga harta bisa ngaku jadi Pangeran lantaran harta nu dipimilikna, sedeng jalma nu miboga elmu mah bakal ngaku dirina teh salaku hamba lantaran elmuna."
Semet dinya taya nu tumanya deui. Satuluyna Sayidina Ali ra. sasauran kieu, "Mun maraneh masih panasaran sual bedana harta jeung elmu, ku kuring bakal dijawab kujawaban nu beda-beda sapanjang kuring masih hirup keneh mah."
     Ku cariosan Sayidina Ali ra kitu, antukna mah eta golongan anu nguji Sayidina Ali ra teh ngaraku, tetela Sayidina Ali ra teh bener-bener arif tur wijaksana.***
T'saf

Tidak ada komentar:

Posting Komentar