HEUREUY SORE
Si Kabayan
Ngala Nangka
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot
ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén
bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal
nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala.Barang
dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal
kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan
dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si
Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka
imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan,
meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang
mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh
ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can
datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan
téh.
“Ari manéh, na
mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan
keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah
nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
(Tina Lima Abad Sastra Sunda,
karya Wahyu Wibisana, spk,)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar