Rabu, 22 Desember 2010

Nu Teu Katingali

RANGGEUYAN MUTIARA

     DINA hiji waktu disarengan ku parasahabatna, Kangjeng Nabi Muhammad Saw anjog ka hiji tempat di padang pasir. Di eta tempat teh saeutik ge teu katingali aya tatangkalan. Nu katingali teh amparan keusik we nu kacida legana. Sanggeus reureuh, Kangjeng Nabi Muhammad sasauran ka parasahabatna, butuh ku sabangsaning regang pisuluheun.
     "Urang teh butuh ku kayu pikeun nyieun seuneu," saur Kangjeng Nabi ka parasahabatna.
     "Tangtos we atuh ya Jungjungan. Nanging, rupina mah urang moal mendakan di dieu mah," walon parasahabat.
     "Nu penting mah urang ihtiar heula, memeh pegat pangharepan," saur Kangjeng Nabi deui.
     Sanggeus meunang parentah kitu mah, sarerea mencar ka unggal madhab pikeun neangan pisuluheun tea. Kalawan taliti parasahabat teh ngimeutan kaayaan di sabudeureun eta tempat. Sanggeus sawatara lila teu burung oge manggihan sanajan ukur sabeungkeut leutik sewang. Tapi sanggeus dihijikeun mah nya lumayan loba oge.
     Sabada parasahabatna karumpul deui, Kangjeng Nabi Muhammad Saw pok unjukan deui, "Ari dosa nu laleutik teh sarua we jeung tumpukan regang ieu. Mimiti mah teu katingali ku panon lahir, tapi unggal hal pasti aya nu neangan jeung nu ngudag. Naon nu ku aranjeun diteangan tadi, ayeuna geus numpuk jeung katingali ku panon. Tah dosa aranjeun ge teu beda ti kitu. Hiji waktu jaga, aranjeun bakal ningali sakabeh dosa tea. Sanajan gedena ukur sagede buah jara. Nu teu katingali ku panon urang ayeuna. Sajorelat geus numpuk manggunung-gunung."
Tesaf

Tidak ada komentar:

Posting Komentar