Jumat, 07 September 2018


HEUREUY SORE


Si Kabayan Ngala Roay

 

Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.

 

“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”
Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”
Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”
Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.
“Heug, moal mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.
Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.
“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”
Roay! Roay!” Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.
“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai.
Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.
(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk.)


HEUREUY SORE


Si Kabayan Ngala Nangka



Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala.Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
(Tina Lima Abad Sastra Sunda, karya Wahyu Wibisana, spk,)

Selasa, 18 Oktober 2016

RANGGEUYAN MUTIARA

Dzikirna Malaikat 

DINA kitab tafsir Al-Khazin, Abdullah bin Abbas ngariwayatkeun hiji hadits.
"Nalika Gusti Allah nyiptakeun 'Arsy, Anjeunna marentahkeun ka sakumna malaikat pikeun manggul eta 'Arsy. Eta parentah teh pikeun paramalaikat hiji tugas nu kacida beuratna. Allah Maha Uninga, nya Anjeunna ngadawuh ka paramalaikat, "Lapadkeun ieu kalimah, 'Subhanallah'.
" Nampi dawuhan kitu, paramalaikat teras we ngalapadkeun eta kalimah nepi ka maranehna ngarasa hampang manggul eta 'Arsy teh. Ti harita paramalaikat teh terus we ngalapadkeun kalimah Subhanallah nepi ka Gusti Allah nyiptakeun Nabi Adam a.s.
Nalika Gusti Allah nyiptakeun Adam, harita Adam dak-dumadak bersin. Gusti Allah ngadawuhkeun ka Adam sangkan ngalapadkeun kalimah Alhamdulillah. Eta dawuhan teh ku Adam diestokeun pisan.
Nya anjeunna ngalapadkeun eta kalimah. Sabada Adam rengse ngucapkeun kalimah alhamdulillah, teras diwaler ku Gusti Allah ku kalimah 'yarhamukallah' (Mudah-mudahan Gusti Allah maparin kanyaahna ka anjeun. Jeung ku rahmat jeung kanyaahna Gusti Allah nyiptakeun anjeun).
Paramalaikat pok arunjukan, "Eta kalimah teh mani agung kitu, tangtu we ieu kalimah teh ulah dimomorekeun." Nya saterusna mah eta kalimah teh digabungkeun jeung kalimah nu munggaran. Jadi kalimahna teh nambahan, 'subhanallah walhamdulillah'. Sabada ngalapadkeun eta dua kalimah, tugas nu mimiti beurat teh bet ngurangan. Tugas manggul 'Arsy teh jadi rada hampang. Saterusna eta dua kalimah teh dilapadkeun nepi ka Gusti Allah ngutus Nabi Nuh a.s.
Umat Nabi Nuh a.s teh umat nu munggaran nyembang berhala. Maranehna nganggap yen berhala teh mangrupa pangeran nu kudu dipunjung dipuja. Teu lami Gusti Allah ngadawuh ka Nabi Nuh. Sangkan nepikeun ka umatna hiji kalimah 'laa ilaaha illallah' (taya Pangeran nu kedah disembah lian ti Gusti Allah). Eta parentah teh ku Nabi Nuh diestokeun pisan. Nya saterusna mah ditepikeun ka umatna.
Ngadangu kalimah nu sakitu agungna, paramalaikat kacida ngarasa bagjana. Paramalaikat teh saterusna ngagabungkeun eta kalimah teh jeung dua kalimah nu munggaran tea. Sapanjang jaman teh paramalaikat ngalapadkeun kalimah 'subhanallah walhamdulillah walaa ilaaha illallah' nepi ka Gusti Allah ngutus Nabi Ibrahim a.s.
Nalika Gusti Allah ngutus Nabi Ibrahim sarta maparin parentah pikeun kurban. Nu mana nu dikurbankeunana teh putrana ku anjeun. Tapi waktu rek dipeuncit pisan, putrana teh dihilian ku hiji domba. Harita keneh Nabi Ibrahami ngucapkeun kalimah 'Allahu akbar'. Hiji kalimah pikeun ngungkapkeun rasa bungah jeung gumbira. Ngadangu kalimah nu kacida endahna kitu, paramalaikat pok unjukan, "Emh, endah tah kalimah teh." Nya saterusna mah paramalaikat teh ngagabungkeun kalimat eta jeung kalimah nu enggeus-enggeus. Nepi ka kalimahna teh 'Subhanallah walhamdulillah walaa ilaaha illallah wallaahu akbar'.
Nalika ieu riwayat didugikeun ka Kangjeng Nabi Muhammad Saw ku Malaikat Jibril, kalawan ta'jub Kangjeng Nabi pok sasauran, "Laa haula walaa quwwata illaa billaah al-'ali al-'Azhim". Ngadangu kalimah nu sarua endahna jeung nu ti heula-heula, malaikat Jibril terus ngagabungkeun eta kalimah teh jeung nu mimiti. Jadi weh kalimahna teh 'Subhanallah walhamdulillah wa laa ilaaha illallah wallaahu akbar walaa haula walaa quwwata illaa  billah al-'ali al-'Azhim'.***

Rabu, 27 Februari 2013

Penduduk Jawa Barat bakal Ngahontal 90 Juta Jiwa

Meh unggal taun laju pertumbuhan penduduk di Jawa Barat teu sirikna terus ngaronjat. Lamun hal ieu teu ditarekahan kalawan enya-enya tilu puluh taun ka hareup penduduk Jabar bakal ngahontal 90 juta jiwa sakumaha nu ditembrakkeun ku Ganjar Kurnia, Rektor Universitas Padjadjaran, dina acara Konsolidasi Advokasi & KIE Pembangunan Kependudukan dan KB pikeun Pengelola Media Massa (4/2) di Latbang BKKBN Jabar.
Dina eta kasempetan ge lian ti Ganjar, Kepala Perwakilan BKKBN Prov. Jabar, Siti Fatonah umajak ka masyarakat sangkan bisa diajak jeung diadvokasi pikeun ngahirupkeun deui gaungna Keluarga Berencana (KB). Tarekahna Komunikasi Informasi jeung Edukasi (KIE) terus dihangkeutkeun kalawan gawe bareng jeung unsur media boh media elektronik boh media koran.*
Tesaf

Panghargaan BKKBN Hasil Sinergi Pemrov jeung Masyarakat


Meh unggal waktu,  TP PKK Jabar teu leupas tina penghargaan. Kitu deui dina acara Rapat Kerja Daerah (Rakerda) Pembangunan Kependudukan dan Keluarga Berencana Provinsi Jawa Barat taun 2013 nu lumangsung di Aula Bappeda Jabar (5/2), Ketua TP PKK Jabar, Netty Prasetiyani Heryawan narima panghargaan ti Badan Koordinasi Keluarga Berencana Nasional (BKKBN) pikeun katagori mitra kerja terbaik dina Advokasi & Komunisasi Informasi dan Edukasi (KIE) Keluarga Berencana (KB) nu dipasrahkeun ku Dra Mieke Selfia Sangian, Inspektur Utama BKKBN.
”Panghargaan ieu mangrupa hasil sinergi positif antara unsur pamarentah jeung masarakat, ti mimiti ketahanan keluarga nepi ka partisipasi pria dina program KB. Lian ti eta pamarentah provinsi jabar loba mere perhatian nu leuwih kana program pembinaan kulawarga dibanding provinsi sejen,” kitu nurutkeun Mike Selfia Sangian.
Netty Prasetiyani H nembrakkeun, prestasi nu ditarima ku TP PKK Jabar mangrupa hasil tina dukungan struktural pamarentah jeung dukungan ti kultural masarakat. Dua peran ti dua pihak eta hasilnya tangtuna positif pikeun kamajuan masarakat.
”Pamarentah mere dukungan kana program pengendalian kependudukan liwat kawijaksaan jeung anggaran, sedeng masarakat mere pangrojong salasahijina jadi kader PKK jeung KB,” pokna.*
Tesaf

Minggu, 14 Oktober 2012

Launching e-Learning Kependudukan dan KB

Jambore PLKB/PKB Tingkat Nasional Taun 2012; “Launching” e-Learning Kependudukan dan KB

        Hasil henteuna program Kependudukan jeung Keluarga Berencana (KKB) utamana ngawangun pondasi kulawarga sejahtera, teu leupas tina peran serta tokoh masarakat, agama, lembaga jeung organisasi kemasarakatan. Leuwihna Lian ti eta mangrupa gawerancage para Petugas Lapangan dan Kader KB (PLKB) sakumaha nu ditepikeun ku Dr.dr. Sugiri Syarief, MPA salaku Kepala BKKBN dina acara Jambore  PLKB/PKB  dan Kader IMP Tingkat Nasional Taun 2012, di Bogor (9/10) nu diiluan ku 733 urang utusan PLKB/PKB jeung IMP sa Indonesia.
        Dina kasempetan eta ge, Sugiri Syarief nembrakan sababaraha hal nu kudu diperhatikeun, kahiji kualitas panglayan KB utamana kontrasepsi MKJP bisa dironjatkeun, kadua SDM nu ngokolakeun program KKB utamana lini lapangan kualitasna terus dironjatkeun, katilu program generasi remaja (Genre) leuwih diberdayakeun jeung dikembangkeun, kaopat kelompok-kelompok usaha ekonomi produktif ( UPPKS) terus diberdayakeun, kalima Pembinaan Ketahanan Keluarga terus dikembangkeun dina kelompok BKB, BKR dan BKL, jeung nu kagenep  peran PLKB/PKB  jeung kader di lini lapangan dina upaya  ngaronjatkeun partisipasi jeung peran serta masyarakat pikeun nyukseskeun program kependudukan dan KB terus dironjatkeun jeung dibina kalawan enya-enya.
        Pikeun nambah elmu pangaweruh PLKB/PKB jeung kader di lini lapangan, Kepala BKKBN sacara resmi ngaresmikeun program e-Learning Kependudukan dan KB dina eta kasempatan. Tujuan ieu program taya lian pikeun ngaronjatkeun pangaweruh, informasi kependudukan dan KB dina raraga ngarojong program Kependudukan jeung KB Nasional terus sinambung. Lian ti eta ge dipiharep ku ayana eta program, disiplin diri, inisiatif jeung motivasi para PLKB/PKB leuwih ngaronjat.*
        Tesaf

Para PLKB utusan ti salasahiji provinsi dina acara Jambore PLKB/PKB dan Kader IMP Tingkat Nasional Taun 2012, Bogor (9/10). Dok Tesaf


Jumat, 05 Oktober 2012

Kota Depok Jadi Puseur Kagiatan Harganas XIX Tingkat Jawa Barat

Hasil henteuna pengelolaan program KB sacara nasional sabada otonomi daerah gumantung pisan kana sukses henteuna pengelolaan program jeung kelembagaan KB di kabupaten/kota. Kota Depok mangrupa salasahiji daerah nu kawilang nyugemakeun dina hal prestasi pengelolaan program KB. Sabaraha prestasi boh di tingkat Nasional boh di tingkat Jawa Barat geus kacangking ku Kota Depok antarana,
Penghargaan Adhikarya Pangan Nusantara Tingkat Nasional Tahun 2011 nu dipasrahkeun ka Ketua TP PKK  Kota Depok Dra. Hj. Nur Azizah Tamhid, MA, Piagam Penghargaan Museum Rekor Dunia Indonesia ka Ketua TP PKK Kota Depok, Penghargaan Partial Madya II Tingkat Nasional salaku Pelaksana Terbaik Pemanfaatan Toga Kategori Kota Tahun 2011 nu dicangking ku Kelurahan Duren Seribu Kecamatan Bojongsari, Juara Harapan II Tingkat Nasional Lomba Penyuluhan Trafiking nu dicangking ku anggota Pokja I TP PKK Hj. Linda Gondewa, S.Ag. Di tingkat provinsi Juara I Kader PKK Terbaik, Juara I Pelaksana Terbaik 10 Program Pokok PKK Kel Abadijaya Kec Sukmajaya, Peringkat I Pelaksana Terbaik P2WKSS Kategori Peran Perempuan, Kel Duren Seribu, Peringkat III Kader Posyandu Berprestasi, Peringkat IV Posyandu Berprestasi Kategori Kota Kel Meruyung Kec Limo Posyandu Nusa Indah II, Juara Harapan I Lomba Masakan 3B diraih Kec Tapos, Juara Harapan II Lomba Masakan Serba Ikan, Juara Umum Dasa Lomba Harganas Tahun 2011
Lian ti eta dina hal pencapaian peserta KB ge Kota Depok hasilnya nyugemakeun. Ku prestasi nu sakitu nyugemakeun dina pengelolaan program KB, Kota Depok di taun 2012 ieu ditunjuk jadi tempat lumangsungna kagiatan peringatan Harganas XIX Tingkat Jawa Barat. Acarana lumangsung tanggal 18 Juli 2012 di lapangan Korps Brimob Polri Kelapa Dua Cimanggis Kota Depok*
(Tesaf, dimuat di SKM Galura)